Postingan

Menampilkan postingan dari 2019

nadom hikayat nabi paras bag 1

1.        Bismillah ngawitan nulis Hate manteng cengeng ihlas Ka gusti anu waspaos Nu sifat latipul khawas Tur asih jeung mikawelas Pupunjungan mulya mulus Kawasa waspada nyacas 2.        Di papas dimamanis Direka sareng dihias Bubuka satra carios Galur anu ditarawas Hikayat nabi paras Anu kagur nitah alus Carios nu mulya kongas 3.        Dupi ayena disaln sareng rada didangdosan nu canggal tembangna awon malar nambah kasenangan kana ieu wawacan asal pusaka karuhun ngandung barokah jeng ganjaran nutur galur galur nitik sari sanes bangsa lalawora henteu benang dijojore mun urang embung miara dorakana pohara baregki ulah kaliru maos ulah sambewara nyalin sareng ati-ati nganggo tata subasita panganggo sepuh bareto diwulang para pandita lamun rek nyarita nganggo patokan nu tangtu ieu galurna carita nalika mimiti muji nyebat   jenenungan pangeran nu ngawengkon alam kabeh nu masihan rahmat nikmat dunya