lirik nadom eling-eling ummat

Eling Eling Umat

Eling eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah

Sholat shalat shalat

Eta kawajiban urang keur di dunya


Kangge bekel jaga urang di akherat


Eling eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah

Sholat shalat shalat

Eta kawajiban urang keur di dunya

Kangge bekel jaga urang di akherat


Urang tos terang sadayana

Nu namina muslim teh saatos ngucapkeun

Ngikrarkeun dua kalimah syahadat

Teras urang ngalaksanakeun kawajiban sholat nu lima waktu

Kedah tepat waktu

Ulah hilap ulah telat

Kumargi sholat nu tos kaliwat moal tiasa deui

Kudu sapanjang hayat


Eta sholatna genah tumaninah

Kedah khusu 

Komo deui mun sholatna asa diburu-buru

Sholatna mugia sama kedah khusyu

Manjatkeun sagala doa nu dipanuju

Ka Allah robbana walakah hamdu

Ya Allah mugia doa-doa nu ku urang dipanjatkeun, dikabulkeun


Eling eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah

Sholat shalat shalat

Eta kawajiban urang keur di dunya

Kangge bekel jaga urang di akherat


Yu mangga ka sadayana

Urang lereskeun sholat urang sadaya

Subuh lohor ashar maghrib sareng isya

Ulah hilap ku urang dilakukeun kumargi eta kawajiban

Sareng sholat teh tihangna agama

Sing saha-saha jalma nu ngadegkeun sholat

Berarti jalma eta ngawangun agama

Eta sholatna berjamaah

Tingkatkeun ukhuwah Islamiyah

Nanjeurkeun tali silaturahmi

Kengeng berkah ridho ilahi

Allah nu maha kawasa

Mugia ngabulkeun du'a-du'a urang sadaya


Eling eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah

Sholat shalat shalat

Eta kawajiban urang keur di dunya

Kangge bekel jaga urang di akherat


iyeu sholawat eling-eling bahasa jawa..sajiwa saelmu saguru sanegri saperjuangan ..di iket ku ngaran santri



Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW

nadom pepeling 2