nadom pamurtadan

#NADOM PAMURTADAN

Bismillah iyeu ngawitan
Alhamdulillah pujian
Rohmat salam kapanutan
Muhammad Rosul pilihan

Ba’da muji maca salam
Abdi ngaturkeun nadoman
Yakni nadom singkat pisan
Ageung maksad peringatan

Manusa jaman ayeuna
Talobeh dina hirupna
Lalawora samemena
Teu apal maksud hirupna

Nabi atos nyarioskeun
Ulamana ngajelaskeun
Anjeun kudu ngaregeupkeun
Kanu bade dihaturkeun

Wajib kajalma muslimin
Ngaraksa islam nu yakin
Ngajaga anu mufsidin
Maftuin minal haliqin

Ari nu ngaruksak islam
Nyata jumlah pamurtadan
Jumlahna teu aya lian
Tilu rupa mah sing paham

Hiji murtad patekadan
Dua murtad pagawean
Tilu murtad na ucapan
Sing sieun kana ancaman

Jalma nu ngarusak islam
Kumigawe pamurtadan
Amalna teu aya pisan
Nu tinggal kari siksaan

Anu Rohmat ngabenduan
Kana mahlukna kabehan
Hina na teu aya lian
Langgeungna dina siksaan

Ari murtad patekadan
Cabangnateh seer pisan
Ari conto nu kawitan
Mang-mangna aya pangeran

Tawa mang-mang aya rosul
Nu sifat unjul pinunjul
Mang-mang kana qur’an nuzul
Iztihad ka robul gofur

Dei mang-mang ka akherat
Kana surga tempat nikmat
Mang-mang ka poe kiamat
Ka naraka tempat laknat

Iyeu conto mah sing paham
Da surahan singkat pisan
Lamun aya kalepatan
Taroskeun ka ajeungan

Jeung ngilangkeun sifat Alloh
Anu atos muzma alaih
Berempug netepkeun nateh

Mangka kade tong talobeh

Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW

nadom pepeling 2