nadom nasab nabi Muhammad SAW

#RUNDAYAN KANJEUNG NABI

Wajib kajalma islamna
Uninga rundayan nana
Jeung nabi utusan Alloh
Muhammad putra Abdulloh

Abdulloh putra Mutolib
Mutolib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdul Manaf
Abdul Manaf putra Qusay

Ari Qusay putra Qilab
Ari Qilab putra Murrah
Murrah putrana Qaab
Ari Qaab putra Luay

Luay putrana Golib
Golib putrana Pihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nador

Nador putra kinanah
Kinanah bin hujaimah
Hujaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Mudor
Mudor putrana Nizar
Nizar putrana Maad
Maad putrana Adnan
Nuwajib dugi ka Adnan
Ti Adnan dugi ka Adam
Henteu wajib uningana
Sabab taya jalan soheh

Wajib dei uningana
rundayan nu tiibuna
Jeung nabi utusan Alloh
muhammad putra aminah


Aminah putrina Wahab
Ahab putra Abi Manaf
Abdil Manaf putra zuhroh
Zuhroh putrana Qilab

Tepang dei di eyangna
Di Qilab jangga warengna
Janteun ibu jeung ramana
Masih keneh sarundayan


Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom pepeling 2