nadom pambibika maulid 2

 * NADOM PAMBIBIKA 2

karangan : Kiyai Adim Dimyati , pengasuh Pondok Pesantren Riyadulmuta'alimin

Pihatur basa nukawitan
Seja hapunten tur unjukan
Dina iyeu peringatan
Ngamumule kasilaman

Kungaangkungan ngagungkeun
Kana sasih dibabarkeun
Sasih babar rosululloh
Ti nabi pilihan Alloh

Dina unggel katerangan
Nabi Muhammad nyarioskeun
Dina kitab di unggelkeun
Mad ariz anu dibacakeun

Waman anfa kodir hamna
Iyeu hadis pak terangkeun
Jalmi anu nyodakohkeun
Kana hartana di salurkeun

Sadirhan kana hartana
Di anggo ngagungkeun nabina
Cara sodakoh gunung emasna
Di anggo perang sabilna

Salajengna abdi hapunten
Kasadaya na ngadangukeun
Ti sadaya katerangan
Dina iyeu pamentasan
Margi tahapan diajar
Dian andom sareng nalar
Sambung du’a anu diseja
Ti ibu kalih ti bapak

Mung sakitu pembukaan
Wawakil ti rerencangan
Anu bade nareraskeun


Karangan : Ust. Adim Dimyati


Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW

nadom pepeling 2