nadom pepeling

*PEPELING

Sing emut ka pambalikan
Mapai cukang jeung jambatan
Cukang lembut panjang pisan
Sadaya tangtu manggihan

Nanjakna 1000 taun
Mudun na 1000 taun
Datarna 1000 taun
Jumlah 3000 taun

Ejeung dina cukang eta
Aya patrol tujuh nyata
Lamun urang  urang tata
Moal bisa mapai eta

Ka 1 patrol sahadat
Ka 2 patrol solat
Ka 3 patrol zakat
 Puasa patrol ka 4

Munggah haji ka 5 na
Patrol hurmat ka 6 na
Hurmat ka ibu bapa na
Patrol junub ka 7 na

Seneu naraka ngaguruh
Muruh anu ragrag rusuh
Anu ragrag jadi suluh
Bongan di dunya teu puguh


Di dunya sagala salah
Teu nurut ka Rosululloh

Teu ngaji di santri-santri

Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW

nadom pepeling 2