nadom pembibika maulid 1

*PEMBUKAAN 1*
Karangan : Ust. Adim Dimyati
Pihatur wilujeng sumping
Kasadaya para hadirin
Tisantri muta’alimin
Di majlis ta’lim

Unjuk basa nukawitan
sim abdi unjuk widian
ti sadaya kakirangan
dina iyeu pamentasan

tina kirang kahormatan
tina kirang kasopanan
tina kirang karapihan
kasadaya sepuh anom

dupi maksadna ta’diman
kakanjeng rosul pilihan
sasih mulud dibabarkeun
sim abdi sami ngagungkeun

tawis umat anu ta’dim
kana sunahna teh tigin
mihareup ridho anu adim
pasrah rifho sareung yakin

neraskeun basa kawitan
sim abdi unjuk widian
neraskeun acara muludan

ti sadaya rerencangan 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW

nadom pepeling 2