nadom pepeling 2

nadom ini menggambarkan perjalanan akhir kehidupan setiap kita saat ajal menjemput saat mengalami sakit dan menakutkanya sakaratul maut, dan penyesalan akan amal yang tidak sempurna.






*PEPELING

Hayu gera saradia
Mempeng keur hirup di dunya
Amal keur sampereun jaga
Di akherat mual sulaya

Geuning maot ngadodoho
Borosok di poho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngagerentak taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Dimana ajal geus sumping
Teu meunang tempo anaking

Horeng nyawa rejeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang  mangsa pipisahan
Paturai tina amitan

Lain mereun lain sugan
Da iyeu mah kenyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Gening awak urang pisan

Kaget rewas matak merong
Renghap ranjug mungguh bingung
Napas ngangsrek ngagenggerong
Nu dekeut geus teu katembong
Horeng iyeu teh sakarat
Dicabutku malaikat
Nyawa ngangsrek mapai urat
Taya daya pikeun lumpat

Ku renghapna pangenggesan
Pegat sagala hareupan
Ngabebengkang teu dayaan
Rek kumaha pangenggeusan

Boroma keur suka beutah
Ngajur nafsu seuri bungah
Beak waktu pikeun pindah
Menuju ka alam barjah

Geus waktuna ninggalkeun lembur
Menuju ka alam kubur
Menang ngali geus di ukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu dibawa
Naha duit raja kaya
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Menang ti sruk-sruk ti dung-dung
Nu sok di pake adigung
Kana solat matak linglung
Waktuna zakatmah suwung

Ibadah ka toler-toler
Nepi ka nyangirah ngaler
Laku badan enggeus komper
Di tengah imah ngagoler

Najopong di rurubutan
Nepi ka nyalirang ngaler
Laku badan enggeus komper
Ngarumas nyandak kasusah

Lawang amal geus di tutup
Hanjakal keur waktu hirup
Takangke bet henteu sanggup
Padahal waktumah cukup

Paingan Rosul ngelingan
Dunyaa mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Hanjakal teu nyubadanan

Ati ngerik pikir bingung
Imah tiis pikeun suwung
Ngan anak yatim ngariung
Ting barisik ting baraung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Lur imah lur pakarang
Gewatkeun loyak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur di lurub sarung
Nu ngiringkeun semu muyung
Nangkeup dada singkuyungkung

Ngalet ngangkel ngabandalet
Beuki dekeut-beuki dekeut
Poek rupek jeung teu genah
Ngarumah nyandak kasusah

Ahli sobat ngawawuhan
Teu toleh ganjang bubaran


Komentar

Posting Komentar

semoga bermanfaat, dan kami sangat jauh dari kesempurnaan mohon maaf dari segala bentuk kekurangan. dan kami sangat mengharapkan kritik dan saran supaya memperbaiki susunan ataupun cara penyajian kedepannya..insya Alloh

Postingan populer dari blog ini

nadom rukun iman

nadom nasab nabi Muhammad SAW